Assalamua'alaikum wr.wb
langkung ti payunpuji sinareng syukurkehadirat Alloh SWT.Salawat sinareng salam urang curahken ka junjungan urang Nabi Muhammad SAW
Rerencangan sareng guru-guru anu ku sim kuring dipihormat
dina kesempetan ieu sim kuring badenepangkeun pidato anu temana nyaeta penebangan liar.
Rerencangan anu ku sim kuring di pikaresep, hayu urang ningal sekitar kita, alam anu asalna hejo ngeplok ayeuna tos seueur barobah, leuweung anu kapungkur mindeng urang ninggal sakitu endahna ti ka tebihan,ayeuna tos teu aya duka kamana.
Rerencangan sareng guru-guru anu ku sim kuring di pihormat
meren ayeuna ngan saukur carita ngenaan leuweung, anu nyesa ngan saukur ti ditu ti dieu. Urang ngan saukur generasi nu tiasa narimakeun dampak tina karusakan para penebang liar anu heunte dipikir-pikir melak tutuwuhan deui anu di tuaran.
Leweng anu ku urang sadaya boga kudu dilestarikeun sehingga anak incu urang tiasamenikmati leuweung anu di piboga ku urang. Urang sadaya teu kengeng ngamanfaatkeun leuweung sacara sambarangan, upami leuweung anu di bogaan ku urang sadaya janten terancam bencana. sSupaya leweung urang tetep lestari janten urang sadaya kedah ngalestarikeun. Usaha nu tiasa urang sadaya lakukeun misalna di handap ieu:
- melak deui tuwuhan anu di tuawaran
- ulah nuaran leuweung sacara sambarangan
- upami urang sadaya nuar tuwuhan kedah ngalakuken sistem tebang pilih.
ngan sakitu ciri leuweung urang sadaya, leuweung bakalan tetep lestari upami urang hoyong ngalestarikeunana.
Rerencangan abdi sakalian cekap sakitu pidato singat ieu . Mudah-mudahan urang anu janten generasi salajengna bangsa ieu "WAJIB" kedah ngiring ngalestarikeun alam ieu, supaya anak incu urang tiasa menikmati sareng terhindar tina bencana akibat seepna leweung anu aya di negeri ieu.
cekap sakitu abdi nyanggakeun pihatur,pamungkas, pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saereuhna kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa di hapunten.
wassalamu'alaikum wr.wb






0 komentar:
Posting Komentar